Kamis, 12 Maret 2015

Indung


 INDUNG

Salapan bulan kuring di kandung
Brag ka alam dunya di papag kadeudeuh
Kanyaah indung ka kuring
Moal ka ukur sanajan saluas bumi

Taya pituah anu endah salain ti indung
Taya kadeudeuh iwal kadeudeuh indung
Du'a jeung pangharepanna
Satia maturan renghap nafas kuring

indung, nu nganter kuring kana kadewasaan
Mapag harepan
Jasa jeung pangorbanan anjeun
Moal bisa di ganti ku saeusi dunya
Ridha allah aya dina ridha anjeun

Tidak ada komentar:

Posting Komentar